Ampun Paralun…..

Kalintang bungahna nu jadi kolot mun ningali barudak aya dina kahadean, boh dina jasmanina atawa rohanina. sabalikna kalintang keuheulna mun nganyahoankeun budakna aya dina ka teu hadean, eta mah sifatna manusa nu teu lepas tina kasalahan jeung kakurangan.
Ngan dumasar dina tetekon hirup sakuduna mah deudeuh jeung kareueus nu jadi abah ka ilaing jadi picontoeun keur nu lain. Tetekon jeung aturan agama nu di ajarkeun ku abah jeung nu liana kudu jadi patokan dina ngarungan kahirupan nu pinuh ku cocoba jeung dodoja. Aya rasa sedih jeung hanjakal nu jero dina hate abah sabenerna mah, malah dina nulis ieu seratan oge teu kawasa ngeclakeun cimata kadeudeuh jeung kahanjakal ka hideup…… anaking jimat awaking, muga muga ku seratan ieu jadi ngemplong hate abah ka hideup, ulah aral jeung subaha omat lain teu suka atawa nyacaka tapi deudeuh nu teu aya tungtungna ka hideup. hirup teh kudu jelas jeung pasti ulah nanggung nogencang, hideung jeung bodas euweuh kulawu nu jadi kabimbang hate hideup….. ulah ponteng ka nu koneng ulah cueut ka nu hideung
mugia hideup ngahampura ka abah…..

serat kangge hideup SAB di awal 2012

Bade Mairan mangga....