Nyanyahoan

    Basa ningali kijablodeng keur bik bek di gawe di pakarngana simkuring ngandeg eureun, merhatikeun saung kijablodeng nu reueus pisan. saung eurih make awi hideung, tatangkalan loba nu galede jeung nu laleutik, malah loba pisan tangkal bubuahan, sapertos Rambutan, Kadu, Cau, Gandul, Buah, jeung nu sejena. pon kitu peupeulakan sayur jeung beubeutian lumayan lengkap oge da kitu ku ningali kitu mah kijablodeng teh rajin dina peupeulak.

    “Sampurasun ki…..” simkuring asup kana pakarangan nu nang mager make awi, da dihaja di pager soteh supaya hayam jeung domba na teh teu kaluar. ” rampesss… jang.. sok kadieu, taya tisasari aya ngulampreng ka saung aki..” simkuring gek diuk dina talupuh saung bari merhatikeun kijablodeng nu keur ngomean taneuh jeung tangkal kadu na pot. ” nuju naon ki siga nu sibuk kitu..? ” simkuring nanya bari ngadeukeutan, lieuk kijablodeng ngalieuk bari ngajawab ” ieu jang keur di ajar ngawinkeun bubuahan, ieu aya kadu rek di kawinkeun supaya teu cape teuing naekna…” kijablodeng bari nunjuk kana pot nu eusina tangkal kadu, simkuring unggeuk bari pok ” tah geuning alus pisan ki eta ngarana terobosan anyar ki, alus ki sok lah supaya kadu teh teu jangkung teuing jeung di buahna leubeut jadi ngalana teu kudu naek” kijablodeng ngajawab ” bener jang… eta pisan nu jadi pertimbangan aki ge, tah ieu teh kadu alus pisan ku aki teh rek di kawinkeun jeung bonteng…” simkuring ” ??/!~@$#%%^^&*&^&(” bari ngaleos simkuring nembal ” sakalian ki ngawinkeuna kadu jeung lauk jaer…” kijablodeng mencrong  bangun nu panasaran ” bisa kitu jang…..??????” leos we simkuring pulang