Dongeng mang Jaya

Wilujeung tepang dei dina acara anu maneuh dongeng enteng pangbeubeurah manah, mang Jaya saparakanca ngahaturkeun dongeng dina judul ci mata indung, hawar2 kadengena tina radio si Jubeh merk Telesonic anu nang meli ti ki roni banjaran, malah ku si uwes mah geus ditawar bae eta radio teh tapi teu di biken ku bu daud teh. Harita mah resep pisan kana ngadengekeun dongeng mang jaya teh da ulah elat mun bisa mah sabab bakal katinggaleun caritana jeung modal keur ngobrol jeung babaturan teh jadi kurang nyambung mun urang teu nyaho di kalanjutan caritaana.
Lamun urang keur karumpul di sakola pas keur euweuh guruna sok karumpul dina meja bari nyaritakeun kajadian2 anu ka alaman atawa nyaritakeun carita lanjutan dongeng mang jaya anu kamari sore, malah sok ngarang carita anu bakal kajadian salanjutna, lain deui si eta mah malah sok nga agul2keun tokoh carita atawa lalakona cenah cek basa gaul mah.
Gede pisan pangaruh dongeng harita teh da eta we mun pas sore teh jam 3an geus gulingggasahan kamana ngadengekeun dongeng teh, maklum harita mah simkuring teh can gaduh radio nya kitu we aprak2an miluan ngadengekeun radio di imah batur.
harita amah anu sok kaanjangan teh imahna si Jubeh, si Toto, si Bening, bu Casmini, bu Duski, jeung eta imah si Tarwi maklum da ari pas keur ulin dimana bae sok sakasampeurna dimana anu deukeut keur nyetel dongeng.
ari carita dongeng mang jaya teh anu inget mah harita teh cimata indung anu nyaritakeun budak anu ngarana Rojali nu teu ngaku ka indungna tah ieu caritaan teh matak ngangres kana hate malah teu sirikna ngaluarkeun cimata. aya oge si bandara jeung si saron anu boga musuh nini kalingking ieu mah caritana matak resep sabab sok di praktekeun ku barudak dina sisilatan ari tas ngaji di langgar mang haer malah apanan si bandara mah boga pusaka wesi kuning tah eta pusaka teh kacida saktina, aya oge carita karajaan islam Umarmaya jeung umarsaid eta caritaan teh simkuring ge rada poho euy…
Mang ronyok jeung bah lemud anu munjung kana begog eta dongeng mang Jaya anu rada horor sabab nyaritakeun siluman2 jeung bangsa leuleumbut, masih loba caritaan dongeng mang Jaya anu sejena.
heuhhh…. waktosna seep… kadang eta nu matak hanjelu teh puguh jalan caritana keur raramena tapi hanjakal waktosna seep.

di haturkeun kangge : kel si Jubeh, kel si Toto, kel si Bening, kel bu Casmini, kel bu Duski, jeung keluarga bu Tarwi hapunten anu kasuhun hampura nau di teda parantos ngarepotkeun, Haturnuhun pisan kana perhatosanana. (ieu carita anu teu weleh inget bae dina mangsa ngke keur caritaeun ka anak incu)

Brak Pupuntuk

Wanci teh geus mulai maju ka sareupna sora tonggeret geus nembalan dina tangkal cengkeh anu geus kolot, seahna sora daun awi anu katebak ku angin sore siga anu nyorakan, haseup nu ngagulung kaluar tina sela2 eurih anu jadi tutup hateup pawon si bibi nu keur ngulub sarupaning beubeutian.

sore harita di sisi lembur

ngantos datang anu hideung

nu mawa ka awang awang

ngagupay ka alam lamunan

mere beja keur poe isukan

sugan sugan kajadian

dikiceupan ku bentang

nu hideung geus ngagupayan

nyimutan kalangkang poe

nu beurang kaganti ku peuting

di caangan ku bulan sapasi

ngaheulasna sora hate

di baturan ku jangkrik

jeung koceakna koreak

muruhan kasadana gaang

nyrelekna waktu maju ka peuting

mere bewara nu masih ngumbara

peureum geura peureum geura

isukan pageto urang papisah

tangtu loba nu di ibadah

beurang jeung peuting

nu sabar silih gantian

ayeuna nu jadi carita

isukan nu di rencana

nu nggeus mah nggeus

isukan aya mata poe

nyaangan alam pawayangan

Harita disisi lembur

Lembur matuh banjar karang pamidangan

nu ayeuna di kantun ku kaayaan

cenah hirup nu keur ngumbara

salam ka nu satia ngantosan

isukan pageto urang ngariung

nyawalakeun hirup na saung

harita di sisi lembur

di taun anu kapungkur

Girimis munggaran (nitip kaheman)

girimis munggaran nyiram bumi nu hanaang
sabada halodo panjang di pasir lalareun
ras ka diri nu kasarung amprung amprungan
di ditu nu ngantosan
(nyontek tina lagu girimis munggaran)

ngadenge kawih sunda teh asa waraas ka diri nu jauh ti kulawargi
ras ka pun putra nu ayeuna keur lulucuna, asa lemes teu aya tangan pangawasa komo ngadenge kamari cek pun bojo na telephone cenah budak teh keur teu fit malah awakna manasan, da ngama’lum keur mah cuacana teu pararuguh kadang mun ti beurang panas kacida terus mun kasorenakeun mah sasatna hujan bae di lembur teh.
kunaon nya beut asa teu pararuguh rarasaan mun ngadenge jimat awaking teu sehat teh malah sok teu nyari dahar teu tibra sare ku kapikiran ka budak, komo da jauh ku kaayaan di parantowan.
padahal karek tadi peuting manehna ngobrol dina talephone bari ngajentrekeun kahayangna anu matak lucu bari jeung kudu.
hampura bapak teu marengan ngariung
sugan doa anu di hatur mepende hate nu pagiwur
titip ka nu maha kawasa bisa ngareksa
ngajaga naon anu di penta
deudeuh teing anaking jimat awaking
sok inget ka diri anu can bisa mere kasenangan
ngan pepeling keur jaganing geto
supaya lampah teu mi gelo
kana naon anu katenjo
moal…. moal….
serengeh serina nyari siga anu surti
mere isyarat siga nu ngarti
muhun… muhun…
asa na kongkolak mata eta imutna
ngagupay hate geura mulang
kumpul bareng bari ngariung
nyawalkeun kan isuk nu ngurunyung.
………nyi….kahade budak teh dijaga
komo ku jaman ayeuna panyakit teh rupa rupa
akibat tina macem2 rupa boh daharna boh nginumna
kahade sing giatna ulah sakahayangna
kudu inget kana pibakaleunana….

nyi titip kahade…………………………