KH. AF. Ghazali

KH_AF_Ghazali
KH_AF_Ghazali

    Di waktos2 ka tukang mah mindeng pisan unggal subuh atawa ka sorenakeun sok ngagalindeng soanten hiji kiayi anu gaduh ciciren, bahasa sunda anu lemes jeung tema ceramah anu matak mawakeun ka nu ngabandunganana.
eusi-eusi ceramahna nu pinuh ku tuntunan keur kulawarga jeung kahirupan sapopoe.
Suanten sareng basana nu teu tiasa leungit asa masih dedengeun dina cepil, komo mun pas ngulas masalah kahirupan rumah tangga asa kabawakeun pisan da geuning atra pisan dina kahirupan sapopoe teh ka gambarkeun pisan dina eusi ceramah anjeuna.
    Asa leungiteun pisan urang sunda teh ku ngantunkeuna KH.AF. Ghazali, ciciren hiji ulama atawa kiayi anu teu poho kana purwadaksina, mugia anjeuna di jantenkeun ahli suwarga ku Allah SWT, amiiiinnn…, ceramahna janten kasaean keur urang anu masih kumelendang di alam pawayangan ieu, pikeun silih asah asih jeung asuh silih elingkeun dina jalan kasaean.

bilih aya nu bade ngala file mp3 ceramahna mangga di handap ieu

  1. Ayat-ayat Allah
  2. Merangan Nafsu
  3. Sabagean Ciri Agungna Islam
  4. Syukur Ni’mat
  5. Tugas Risalah

haturnuhun ka. kangismet.com

3 tanggapan untuk “KH. AF. Ghazali

  1. ah sarua uing oge sering keur leutik mah, ngan ayeuna geus teu pernah deui ka ganti ku ustadz nu lain, ah nuhun file mp3 na ngiring nyedot…. di ajul… nuhun kang rudi

  2. leres pisan kang ieu galindeng soarana nu matak gantung denge-eun, tas subuh teh sok mindeng di stel di langgar. atawa tas isya di radio mindeng pisan haturnuhun kang rudi baskoro,

Bade Mairan mangga....