Brak Pupuntuk

Wanci teh geus mulai maju ka sareupna sora tonggeret geus nembalan dina tangkal cengkeh anu geus kolot, seahna sora daun awi anu katebak ku angin sore siga anu nyorakan, haseup nu ngagulung kaluar tina sela2 eurih anu jadi tutup hateup pawon si bibi nu keur ngulub sarupaning beubeutian.

sore harita di sisi lembur

ngantos datang anu hideung

nu mawa ka awang awang

ngagupay ka alam lamunan

mere beja keur poe isukan

sugan sugan kajadian

dikiceupan ku bentang

nu hideung geus ngagupayan

nyimutan kalangkang poe

nu beurang kaganti ku peuting

di caangan ku bulan sapasi

ngaheulasna sora hate

di baturan ku jangkrik

jeung koceakna koreak

muruhan kasadana gaang

nyrelekna waktu maju ka peuting

mere bewara nu masih ngumbara

peureum geura peureum geura

isukan pageto urang papisah

tangtu loba nu di ibadah

beurang jeung peuting

nu sabar silih gantian

ayeuna nu jadi carita

isukan nu di rencana

nu nggeus mah nggeus

isukan aya mata poe

nyaangan alam pawayangan

Harita disisi lembur

Lembur matuh banjar karang pamidangan

nu ayeuna di kantun ku kaayaan

cenah hirup nu keur ngumbara

salam ka nu satia ngantosan

isukan pageto urang ngariung

nyawalakeun hirup na saung

harita di sisi lembur

di taun anu kapungkur

Bade Mairan mangga....